Kangen Bandung.
Lagi ndengerin : Bubuy Bulan
Lagi mbaca : the twelfth night
Teu di Bandung teu di Tasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah beda..... eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang
sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :
di Bandung
"Gede..... Panjang......Gede.....Panjang......!!"
kade...lain keur promosi obat taeun nu ayeuna keur meuweuh atawa promosi sabangsa ma erot, tapi nawarkeun rute angkot jurusan Gedebage Leuwi panjang....!
"Aceh......Merdeka......Aceh.......Merdeka......!!"
jojorowokan sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka di tewek da di Bandung mah geus arapaleun lamun kenek eta nawarkeun angkot jurusan Cikutra Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan merdeka jeung jalan aceh
"Binatang.....ada turun.....?
ibu......bapa.....binatang......!" tong waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di kebon binatang di jalan taman sari anu kaliwatan ku angkot eta
di Tasik mah kieu jorowok na teh "sila.......sila.....hiji deui...!!" lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakal hookeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, rek teu kitu kumaha
atuh....sakitu katingali metetna bet anu dijero oge diaradu tuur ari jojorowokan sila......sila...hiji deui.......? padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka pancasila
ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA kade nya bisi aya baraya anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge jorowok kenek angkot "DANA EGANG....DANA EGANG.........." eta teh lain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot jurusan Sukadana-Sukaregang
Naek angkot di Bandung deui:
Jorowok kenek ngajorowok.....Supratman!...jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh..
Jorowok deui....Rajamantri!....jrut Mang Jamal turun...
Rengganis!.....jrut Neng Nia turun
Teuku Umar!....jrut deui lalaki turun...
Na ari celengkeung teh....aya panumpang urang batak ngajorowok... HEI! AKU RAJAGUKGUK TAK DIPANGGIL-PANGGIL? JADI BILA AWAK TURUN?BAH!
Cag ah.